Puji sinareung sukur hayu
urang sanggakeun ka Ilahi Robi. Ku rahmat sinareung karunia ti Anjeunna, urang sadaya masih
dipasihan kasempetan kanggo ngadangu. Teu hilap, solawat sinareung salam mugia salawasna ngocor
ka jungjunan alam, nyaeta Kanjeng Nabi Muhammad SAW., ka kaluwargana sareung ka
parasobatna.
Pamirsa,
Dina danget ieu sim kuring baris medar ngenaan
“Pangaruh
Internet Ka Rumaja”. Sateu acan simkuring mitembeyan biantara, simkuring
hoyong medarkeun watesan masalah anu bade dibacakeun, nyaeta ; pangaruh
internet tina segi positif sareng tina segi negative.
Pamirsa,
Langkung luhur iptek hiji bangsa, maka
langkung seueur oge hasil anu dihasilkeun tina elmu eta.
Internet, kecap anu teu asing di jaman ayeuna.
Internet tiasa diakses dimana wae, cukup modal hp anu ngabogaan koneksi
internet atawa cukup ku ngamodal duit sabaraha rebu perak, ayeuna mah ampir di
unggal juru jalan, rek di kota atanapi di desa, ayeuna mah geus loba warung anu
ngajual jasa internet atawa anu mana sok disebut “warnet”.
Seueur elmu anu aya di internet nu bisa ku
urang dicokot. Sagala informasi naon wae anu aya di internet, informasi eta
bisa dicandak kalayan gampang sagampang urang ngabalikeun talapak panangan
sareng ngicepkeun soca. Terus naon hubunganna jeung siswa ? tangtu pohara
seueurna hubungannana internet di jaman kiwari jeung siswa, sabab siswa heunteu
luput tina anu namina informasi sareng elmu. Internet teh nyaeta media anu pang
efektifna sarta gampang diakses dimana wae jeung kusaha wae. Sanajan teu bisa
dipungkir yen ayeuna kabebasan ieu teh bisa oge disalah gunakeun jeung salah
dina narepkeunana. seueur pisan fasilitas internet minangka sarana
kriminalitas atanapi asusila.
Rea pisan hal-hal negatif tina internet, salah
sahiji contona nyaeta :
Pikeun anu kakara mikawanoh kana internet
nyaeta bisa ngabuka situs – situs, gambar – gambar, atawa video – video anu teu
sawajarna
Kacanduan gim online nepikeun ka poho kana
sagala
Bisa katipu tina iklan – iklan di internet
Tapi aya oge segi positifna :
Siswa bisa neangan informasi anu luwes mun
dibanding ngan saukur diuk cicing ngaregepkeun guru nerangkeun
Bisa nambah rerencangan dina jejaring social,
jsb
Pamirsa,
Rumaja nyaeta makhluk anu rentan kanu parobahan
di sakurilingna. Rumaja biasana sok nurutkeun anu dominan anu aya
disakurilingna. Mangka ti eta alusna lamun urang bisa bijak ngagunakaeun
internet keur kamajuan diri sarta pribadi urang sorangan.
Sakitu wae biantara ti simkuring, hatur nuhun
pamirsa. Amit mundur, amit mungkur, neda tawakup anu kasuhun neda jembar
sihaksami ti sadayana.
Billahi taufik walhidayah.Wassalamualaikum wr.wb
Tidak ada komentar:
Posting Komentar